Senin, 27 Agustus 2012

Sinopsis Sunda Skripsi aku yg judulnya "Novelet Rasiah Kodeu Biner dalam Dunia Detektif Remaja


SINOPSIS

Ieu skripsi ngagunakeun obyék panalungtikan mangrupa buku novelét nu judulna Rasiah Kodeu Biner kénging Dadan  Sutisna. Judul ieu skripsi téh nyaéta Novelet Rasiah Kodeu Binér dalam Dunia Detektif Remaja, diajukeun pikeun nyumponan sarat ujian sidang Sarjana di Program Studi Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran.
Rasiah Kodeu Biner nu disingget RKB mangrupa novelét nu kaasup kana carita détéktif rumaja. Pikeun nyumponan kabutuhan panalungtikan, tiori nu digunakan dina ieu panalungtikan nyaéta tiori détéktif Ronald Knoxs. Métodeu panalungtikan nu digunakeun nyaéta metodeu déskripstif, sedengkeun métodeu kaijianana nyaéta kajian struktural.
Udagan tina panalungtikan ieu nyaéta ngadéskripsikeun téknik penceritaan jeung ngadéskripsikeun pola détéktif nu digunakeun ku pangarang. Salian  ti éta panalungtikan dilakukeun pikeun ngabuktikeun yén ieu novelét téh kaasup kana novelét rumaja/detektif anu ditingal tina eusi caritana. Kurmargi teu sadayana novelét anu ngagunakeun kecap rusiah bisa nyumponan sarat minangka karya fiksi nu miboga pola détéktif.
Fokus panalungtikan aya dina galur carita jeung pola-pola détéktif, ditilik tina psikologis rumaja jeung latar caritana, nyaéta latar taun 2000-an. Pasualan rumaja nu aya dina ieu novelét téh némbongkeun wawanén,  kapinteran, ogé calakanna opat rumaja dina ngaréngsékeun hiji pasualan, nyaéta ngabongkar kajahatan nu dilakukeun ku Bu Ening jeung batur-baturna, ngaliwatan hiji surat wasiat nu di jerona aya kodeu binér.
Kodeu binér nyaéta hiji sistem penulisan angka ngagunakeun dua simbul nyaéta angka 0 jeung angka 1. Ieu sistem wilangan téh mangrupa dadasar tina sakabéh sistem wilangan berbasis digital. Tina sistem binér, tokoh bisa ngonvérsikeun kana sistem wilangan Oktal atanapi Héxadesimal. Ieu sistem bisa disebut ku istilah bit atanapi Binary Digit. Pikeun rumaja nu umurna 11-12 taun, ieu hal téh mangrupa pamanggih anyar nu ngabogaan risiko, sabab maranéhna can miboga pangalaman tur pangaweruh komputer nu cukup. Salian ti éta, pola-pola détéktif nu aya dinu novelét RKB ngan aya dalapan pola, tinu sapuluh pola nu aya dina tiori détéktif.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar